Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
2
 

Bismillaahirrohmaanirrohiim

I. Pupuh Dangdangguia

1.

Dangdanggula nya ngawitan nulis, (2)
Silih Mulud étangan sasihan,
Dinten Kemis anu yaktos,
Dua puluh opat istu,
Sasih Yuni étangan Walanda,
Hijrahna anu kaétang,
Sarébu salapan ratus,
Jeung tilu puluh dalapan,
Tanggalna mah dua puluh opat sidik,
Sami pada dinten éta.

2.

Muga-muga panuhun sim abdi,
Malah mandar baé kaparengan,
Bawaning ku abdi sono,
Muga-muga hoyong mulus,
Anu diseja ku ati,
Awonna mah sakalintang,
Nyuhunkeun dima'lum,
Upama anu lepat,
Sareng deui anu kakirangan dangding,