|
|
3. |
Jeung panuhun nu kagungan bumi,
Kasadaya anu marayunan,
Ka sepuh rawuh nu anom,
Abdi nyanggakeun nu kasuhun,
Sanés pisan ku tiasa,
Midamel ieu wawacan,
Mung tamba ngalamun,
Ku sadaya geus kamanah,
Aksarana nu sakieu nya laip,
Sok isin ngasongkeunana.
|
4. |
Sinareng ka nu ngaos deui,
Muga-muga nyuhunkeun hampura,
Aksara kalangkung awon,
Nya panuhun ulah bendu,
Upami aya nu lepat,
Malar tiasa nambihan,
Supadosna lulus,
Bet kieu gening buktina,
Curat-corét bulat-beulit henteu uni,
Siga pangacakan hayam.
|
5. |
Muga-muga // muga-muga ka nu Maha Suci,
Dibarengan dipancingan ilham,
Anu diseja ku hatĕ,
Nyuhunkeun mulus rahayu,
Rohmat salamet nya drri,
Ulah aya kuciwana,
Muga masing mulus,
Nu ngaos ieu wawacan,
Masing rinéh béar budi suka seuri,
Ulah aya pancabaya.
|