Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
4
 
6.

Ari nu diseja,
Hoyong terang carioseunana,
Garios anu karuno,
Tatkala waktu kapungkur,
Sanés nu jaman kiwari,
Nya ieu dina wawaean,
Nu garagah ngamuk,
Wawacan Ahmad Muhammad,
Matak lucu lamun jaman kiwari,
Henteu aya papadana.

7.

leu layang siloka teu lami,
Anu jadi pitutur tabéat,
Tamba kulem soré-soré,
Disalin ku sanés catur,
Manawi jadi utami,
Malah mandar jadi sunat,
Ari anu dicatur,
Nyarioskeun anu baheula,
Aya hiji ratu agung nging berbudi,
Di dayeuh nagara Eusam.

8.

Panjenengan anu jadi aji,
Raja Jamur putra Batal waas,
Ratu peréka was ngaos,
Dasar putu Batak Jamur,
Nu mawi éta kakasih,
Turunan ti éyangna,
Nama Raja Jamur anu jadi papatihna,
Sadérékna kénéh Sang Aji,
Jenengan Wijaya Ahmad.

9.

Sami pada putra Batal Waas deui,
Ari éta mah Raja Eusam,