Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
5
 

Papada jeneng raja gé,
Wantuning turunan ratu,
Raja geus satengah wali,
Kasebut raja Pandita
Lampah siang dalu,
Sering pangna apal lulah
Paragarwa nu jadi parameswari,
Kabéh dikésér sadaya.


10.

Pada mulang satempatna tadi, (4)
Amung aya hiji garwa raja,
Éta samulih dikésér,
Nyandak bobot ti sang ratu,
Tetep di tanah Habsi,
Nelah Nyi Randa kerendan,
Sareng nyandak manuk,
Baris warisan ka putri,
Ku Nyi Randa diéstokeun wakil Gusti,
Ngarana manuk Titiran.

11.

Éta manuk rupana jarining,
Panea warna éta warna lima,
Bulu bodas hideung konéng,
Héjo jeung beureum pamatuk,
Kawas nu macokan getih,
Konéng dijero sungut,
Hideung suku buntut,
Jang-jang dada héjo bodas,
Maunatna jembar hirup lawan sugih,
Réya barang réya uang,
Kacatrukeun Raja Eusam deui.

12.

Hiji mangsa nyaur papatina.