Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/5

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
6
 

Rahadén Ahmad sadérék,
Ngadeuheus ka payun Raja,
Kangjeng Raja seug ngalahir,
Hé rayi Aria Wijaya,
Kadieu sing payun,
Sor patih caket ka Raja,
Kangjeng Raja énggal ka patih ngalahir,
Hé rayi dangukeun Engkang.


13.

Masing sidik sareng masing ngarti,
Taya deui juru basa Eusam,
Salian ti diri manéh,
Seug ayeuna geura ngarti,
Piwejang Engkang ka rayi,
Perkawis ayeuna Engkang,
Pikir anu linglung,
Rarasaan asa gundam,
Geus teu émut kalakuan nyakrawati,
Ayeuna nagara Eusam.

14.

Seja sérén ayeuna ka rayi,
Siang wengi sawewengkon di Sam,
Amis paitna sakabéh,
Eujeung ulah gésén kalbu,
Akang panungtung papanggih,
Masing hadé kumawula,
Bubuhan ka (...),
Ka Sultan Mesir nagara,
Saban taun ulah sok // sok gésén upeti,
Matak kasiku naléndra.

15.

Kalakuan Maha Sultan Mesir,
Anu eukeur katurunan cahaya,