Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/6

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
7
 

Diasuh ku nu waspaos,
Pamuga-muga kapayun,
Masing kapendak ku rayi,
Atawa ku anak-anak,
Mana masing tumut,
Anu temen kumawula,
Nya éta kapayuneun Sultan Mesir,
Tangtu nitih karamatna.


16.

Teu ku urang ku anak mah pasti,
Kudu baé sagala berakal,
Satiap-tiap bersambung,
Saupama nu rahayu,
Paribasa nini aki,
Jadi ulah bĕngkok sembah,
Matak awét umur,
Nyata umur kawula,
Tina henteu cacadna diri,
Tah sakitu wuruk Engkang.

17.

Jeungna deui tangtu rayi Patih,
Bakal tepang kapendakan,
Keur waktu jadi gegedén,
Engké gé tangtu kapayun,
Ka wangkit Engkang téh éling,
Ayeuna ieu nagara,
Sawarug kadatun,
Engkang téh sumeja pasrah,
Poé ieu rayi geura nyakrawati,
Amis pelem Engkang pasrah.

18.

Sareng ieu sanggakeun ka Mesir,
Piageman pertanda naléndra.