Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
8
 

Ratu Mesir moal hélok,
Kantenan geus pada ma’lum,
Cedok nyembah Rahadéan Patih,
Sareng nyurucud cisoea,
Nampi dawuh Ratu,
Nuhun na timbalan tuan,
Muga hibar jiadna ti Kangjeng Gusti,
Gumati kana timbalan.

II. Kinanti

1.

 Parantos turug ngawaruk,
Barang dirérét ku Patih,
Raja Jamur ilang musna,
Ti payuneun Radén Patih,
Nya ilang tanpa karana,
Henteu kagét Radén Patih,

2.

Énggalna jumeneng Ratu,
Ti dayeuh Eusam nagari,
Geus tetep mangku nagara,
Kocap Raja Jamur deui,
Tingkal manikna tempatna,
Dina guha gunung Mesir.

3.

Jenenganana syéh Agung,
Panangan buni téh teuing,
Teu katawis aya guha,
Saupama aya jalmi,
Tangtu moal bisa terang,
Tina buni liwat saking.

4.

Teundeun nu keur MahaWiku,
Ayeuna disalin warti,
Gaturkeun nyai randa.