Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9
 

Dierenda tetep ngancik,
Sareng putra dua kembar,
Putra Raja Jamur Aji.

5.

Anu ti heula ngajuru,
Geus dipaparin kakasih,
Jenenganana Muhammad,
Anu babarna pandeuri,
Jenengan Rahadén Ahmad,
Kapertawis raka jeung rayi.

6.

Ahmad Muhammad kacatur,
Barang dumugi birahi,
Henteu aya dikarendan,
Malasantrén murangkalih,
Guguruna di Pandita,
Ngaji Qur’an jeung Tapsir.

7.

Adat biasa guguru,
Sareng deui murangkalih,
Kawuwuhan ku lungguhna,
Akur ka baturna santri,
Teu nahur mah ka guruna,
Lantaran nu saé galih.

8.

Raka rayi timpuh lungguh,
Ayeuna katunda deui,
Rahadén Ahmad Muhammad,
Geus tetep sina ngaji,
Ganti deui anu kocap,
Di jero nagari habsi.

9.

Aya hiji warga ratu,
Jadi sudagar ku sugih,
Sugih tegesna nangkoda,
Dunya barana saketi.