Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10
 

Wuwang pirang-pirang dirham,
Istuning nangkoda sugih.

10.

Nangkoda hiji waktu,
Kulem dina jero katil,
Nangkoda tuluy nyupena,
Tegesna nyupena ngimpi,
Ari nu kaimpi téa,
Éta ku nangkoda sugih.


11.

Pendak hiji tangkal kayu,         (7)
Ari dina luhur kai,
Aya hiji titiran,
Saré sidik katingali,
Rupa ulesna titiran,
Sidik rupa pancawarna.

12.

Sartana beureum pamatuk,
Héjo bodas beureum konéng,
Dibasakeun utan emas,
Nya éta ules harining,
Sabab bulu pancawarna,
Lima rupa warna-warni.

13.

Sarta ngomong éta manuk,
Celuk-celuk luhur kai,
Gé pokna manuk téa,
Saha-saha baé jalmi,
Nu ngadahar awak kula,
Niscaya engké kapanggih.

14.

Saha nu ngadahar hulu,
Pasti jadi perjurit,
Gagah jadi hulubalang,
Lalanang jero nagari,