Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
11
 

Ngahakah di awang-awang,
Tetepna téh hulu kami.

15.

Sareng jadi uang dinar tangtu,
Uwang dinar uwang ringgit,
Reujeung deui saha-saha,
Nu ngadahar anak kami,
Tangtu jadi raja beunghar,
Sugih beunghar réa abdi.


16.

Marabna téh ka para ratu,
Disembah para bupati,
Sugih dunya réa balad,
Ngan sakitu matuk muni,
Nangkoda ras éling gugah,
Sakalangkung suka galih.

17.

Kaidanan lewat langkung,
Kasengsem ku sora manis,
Sarengna anu ka kuping,
Kalintang ti manuk téa,
Dimana ayana sidik.

18.

Nangkoda jung baé lungsur,
Bari cirambay nangis,
Ngider-ngider sugan aya,
Sakabéh manuk dilari,
Sakur nu boga titiran,
Lapur teu kamanah lain.

19.

Geus beng ngétan geus los ngidul,
Mubak di jero nagari,
Sumawon tukang yahab,
Sakabéh manuk dilari,
Weléh taya nu kamanah.