Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
12
 

Lain éta nu disungsi.

20.

Nangkoda geus weléh bingung,
Kalangkung ngangluh nya galih,
Istuna jadi kasawat,
Kasengsem kaliwat saking,
Kumo // layang kumolayang,         (8)
Nangkoda melengék mikir.

21.

Teu lami nangkoda imut,
Ganeang barina jeung indit,
Ngabujeung hiji pandita,
Geus kamashur nujun sidik,
Aya di jero nagari,
Panarosan urang habsi.

22.

Ki nangkoda enggeus cunduk,
Bumi pandita sidik,
Nangkoda song sasalaman,
Geus salam seug baé calik,
Pandita kagét kacida,
Tara-tara ti sasari.

23.

Seug sabab ka dinya cunduk,
Aya manah naon rayi,
Bet aya sudagar sasab,
Jeung kawas nu ngangluh galih,
Nangkoda gancang ngajawab,
Nun sumuhun pisan sidik.

24.

Sukur pisan geus kama'lum,
Ku kang raka ngangluh rayi,
Éta sanés nu diseja,
Kalintang ti keur prihatin,
Anu mawi rayi dongkap,
Kang raka langkung tingali.