Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13
 
25.

Neda sejana pituduh,
Sauihna rayi ngimpi,
Mendakan manuk titiran,
Dina luhur tangkal kai,
Sarta éta kapirang-pirang,
Manuk ngomong luhur kai.

26.

Ari pokna éta manuk,
Saha nu ngadahar kami,
Upama hulu kaula,
Mun didahar engké pasti,
Tangtu jadi hulubalang,
Perjurit lalanang nagri.

27.

Sareng kaduana nyebut,
Jadi budah dunya pasti,
Jeung deui awak kaula,
Mun didahar tangtu jadi,
Jadi raja seret beunghar,
Sakitu manuk wawarti.

28.

Anggeus tangtu jadi ratu,
Perkawis impenan rayi,
Kapan hal ilapat mah,
Geus dicarios ku rayi,
Nya nya éta omong titiran,
Tangtu pisan kitu pasti.

29.

Saha kagunturan madu,
Éta nu darajat leuwih,
Jeung deui sanggeusna,
Éta lain impenan jalir,
Tegesna // ngimpi pituah,         (9)
Nu katangtu aya bukti.

30.

Nangkoda barang ngadangu,