Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
14
 

Saurna pandita sidik,
Seug ngarangkul jeung ngandika,
Duh kiyai sukur teuing,
Nya éta nu diteda,
Maksud pisan tuang rayi.

31.

Neda sejana pitulung,
Dimana ayeuna sidik,
Manuk nu kitu rupana,
Mangga tuduhkeun kang rayi,
Caket atawa anggang,
Kang rayi teu puguh pikir.

32.

Sumangga wejang pituduh,
Raka ulah lami-lami,
Nangkoda jeung gurobangan,
Pandita ngalahir deui,
Perkawis manuk titiran,
Anu alus pancawarni.

33.

Aya pisan anu gaduh,
Disaluareun nagri,
Di wewengkon kénéh habsah,
Caket kana tepis wiring,
Nu bogana nyai randa,
Dikerendan tepis wiring.

34.

Didinya ayana manuk,
Anung méh kaluli-luli,
Manuk asal bawa ti Sam,
Nyi randa langkung berbudi,
Manuk lain lalawura,
Coba galeuh baé rayi.

35.

Sababaraha baé mundut,
Tinimbang jeung hanteu kenging,