Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
15
 

Montong sieun ku harga,
Nangkoda gancang ngalahir,
Sumangga nuhun kang raka,
Neda pidu’a kang rayi.

36.

Cedok sasalaman rusuh,
Geus sasalaman teuing indit,
Ngabujeung lembur kerendan,
Gancangna anu digurit,
Geus dongkap ka nyai randa,
Kasmaran jeung suka galih.

III. Asmarandana

1.

Kasmaran pujaning ati,
Barang béh bumi Nyi Randa,
Ki Nangkoda manis raos,
Jadi tunggeus kapungkurna,
Naha resik teuing tempat,
Barang ngarérét ka manuk,
Gebeg ki nangkoda ninggal.

2.

Duh mustajab teuing ngimpi
Sidik ieu manuk téya,
Anu katingal // na impén,     (10)
Turug-turug manuk téya,
Barang rét ninggal Nangkoda,
Disadana wangsa kukuk,
Kakuping ku Ki Nangkoda.

3.

Sada gentar anu tadi,
Keur dina impénan téya,
Sadana ieu kurateng,
Manuk alus pancawarna,
Dibasakeun udan emas,
Ki nangkoda bungah kalbu,