Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/101

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
102
 

Sareng minyak wijén ubar.

21.

Seug di landongkeun sakali,
Matihna ubar baruwang,
Hanteu lami Dén Ahmad téh,
Lilir gugah anggeus waras,
Tapi salangkung sepa,
Teunangan mana laleusu,
Taya tangan pangawasa.


22.

Sanggeus kitu ku Dén putri,
Tuluy di tundung sepisan,
Mangga geura jengkar baé,
Sim kuring rempan kacida,
Karana teu idin ama,
Aya lalaki geus tepung,
Ditangkep tangtu dibanda.

23.

Karana iyeu geus wengi,
Mangga Engkang geura jengkar,
Teu biasa lami Engkang téh,
Rahadén Ahmad ngalimba,
Ngangres manahna kacida,
Henteu nyana putri palsu,
Radén Ahmad geura jengkar.

24.

Jumarigjeug bari nangis,
Medal ti jero kaputran, (sic!)
Gandrung-gandrung kapirangrung,
Meugeus nalangsa manah,
Ka nu teu tuah teu dosa,
Sujud sukur ka Yang Agung,
Mendakan kapanasaran.

25.

Muga-muga ka Yang Widi,