Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
101
 

// kana kursi enggeus lenggah,
Pék Radén barangtuang,
Sahingga rék ngarot angur,
Ku putri seug diparinan.

17.

Anggur nu didaru beusi,
Disanggakeun ka Dén Ahmad,
Ganeang ku Dén Ahmad téh,
Nyandak geus rék dituwang,
Sahingga geus satengahna,
Lumur ragrag Radén lanjung,
Golokgok ongkék-ongkékan.

18.

Radén Ahmad leng teu éling,
Ngalenggerek dina méja,
Aya nu bijil keur ongkék,
Nya éta hulu manuk téya,
Ku Radén putri dicandak,
Jeung nyaur jeroning kalbu,
Nya aya jimat Ahmad.

19.

Hulu manuk alus teuing,
Hibar ruhay kawas emas,
énggal Radén putri téh,
Hulu manuk téh dituwang,
Barang bus kana bahamna,
Sina musna hulu manuk,
Ngamakam (?) di awang-awang.

20.

Radén Ahmad henteu éling,
Tonggoy baé runghap-rénghap,
Kalangkung matak hawatos,
Dicidra ku Siti Bagdad,
Teu lami Dén Siti Bagdad,
Nyandak landong hiji jeruk,