Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100
 
12.

Radén putra bari mulih,
Geus sumping ka jero pura,
Manah Radén putri sérong,
Ka sémah rék pasang cidra,
Cunduk warta katuangan,
Anu dibauran racun,
Daru beusi baur rujak.

13.

Pasang meja geus sayagi,
Katuangan geus sadiya,
Dipasang meja ngabérés,
Warna-warna katuangan,
Teu lami deui waktuna,
Radén putri sor ka payun,
Mayunan ka Radén Ahmad.

14.

Pangandika Endén putri,
Nya éta ka Radén Ahmad,
Anu sami diangkir téh,
Engkang téh baris dihormat,
Mangga urang barangtuang,
Jisim kuring seja kaul,
Engkang sumping ka Kerendan.

15.

Mangga ulah isin-isin,
Masing banglas geura,   (?)
Kerah-kerih beunang hésé,
Upama henteu dituang,
Sakumaha handeueulna,
Mangga Engkang geura lungguh,
Di luhur kursi lenggah.

16.

Ber jumapang (?) sareng kuring,
Radén Ahmad matur mangga,
énggalan ti bangku miyos,