| Geus beurang-beurang panonpoé,
Bijil moyan ubar tiris,
Ngalenggut jeung tunduh. |
| 21. | Ana éling mugi ka Yang Widi,
Kalangkung tawalo, (?)
Narimakeun diri sakabéh,
Migaduh usik malik,
Kersaning Yang Widi,
Rohman Rohim Agung. |
| 22. | Palakara (sic!) dicidra ku putri,
Teu didamel awon,
Rumaos diaku baé,
Sukur sujud ka Yang Widi,
Gancangna digurit,
Bijil digentos lagu.
XVII. Pucung |
| 1. | Tembang pucung ganti lagu micung,
Anu keur silih payang,
Cungcang-cingceng balas ngeyeng,
Aya duwa putra jin ti Jabal Kupah. |
| 2. | Geus katilar ramana iyeu jin pupus,
Aya titinggalna,
Keur padangawaris manéh,
Tilu rupa sakabéhna éta jalmi. |
| 3. | Hiji kaos duwa panah langkung alus,
Ari katiluna téh,
Enya éta rupa éndong,
Éta éndong ngaran walungsung jagat. |
| 4. | Eta éndong keur waktu jaman kapungkur,
Nu gaduh Umar Maya,
Ayeuna kinayah (?) baé, |