Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
109
 

Saha baé nu maké éta miboga.

5.

Anu matak jin duwa éta geus tangtu,
Pang aya di dinya,
Jadi keur nyelaongkeun manéh,
Ngadon waris acan katimu ku akal.

6.

Anak duwa ari éta jimat tilu,
Parebut aturan,
Karang timbul tacan salsé,
// jadi puhpoh cankatimu ku akal. (57)

7.

Ceuk lanceukna kop silaing panah alus,
Keur éndong ku kakang,
Ari carék adina téh,
Ari kaos ku saha éta milikna.

8.

Ceuk adina kiyeu geura urang atur,
Kop panah ku kakang,
Ari kuring éta éndong,
Ceuk lanceukna ari kaos éta milik saha.

9.

Ceuk adina heueuh jadi urang bingung,
Ari kakang duwa,
Upama kaos jeung éndong,
Kurang adil lamun kitu hanteu ngeunah.

10.

Najan akang ngéléhkeun manéh nya kitu,
Teu ngeunah di akang,
Leres ceuk rakana tangtos,
Jeung kumaha atuh adi iyeu akang.

11.

Jauh-jauh ti lembur manéh nyingkur,
Amrih (?) hayang senang,
Kari-kari ayeuna téh,
Lain senang bingung ngurus wawarisan.

12.

Tingharuleng adi lanceuk jadi bingung,
Isuk beurang kitu kénéh,