| Paribasa teu aya monyét hideungna,
Rurut rérét duwa jin ngalér jeung ngidul. |
| 13. | Geus bingung manéhna,
Barang ngarérét ka kulon,
Bet katingal jalma anu eukeur moyan. |
| 14. | Enya éta Radén Ahmad nu ngajentul,
Moyan jeung nundutan,
Ngalangkung calik nu lesu,
Carék ejin ka rakana sasauran. |
| 15. | Itu akang aya jalma keur ngajentul,
Sugan urang manusa,
Jeung urang tepangan baé,
Sok binangkit kana sagala aturan. |
| 16. | Hayu urang ayeuna ménta tulung,
Hayu cék rakana,
Jeung urang sampeurkeun baé,
Sagancangna duwa jin nyampeurkeun Ahmad. |
| 17. | Enggeus dongkap duwa jin ka Ahmad jemur,
Kagét Ahmad ningali,
Énggalna putra jin naros,
Pangapunten ajengan anu keur lenggah. |
| 18. | Jisim kuring seja naros anu saéstu,
Kalengking (?) ajengan,
Bangsa naon ajengan téh,
Bangsa ejin atawa bangsa manusa. |
| 19. | Radén Ahmad gancangan ani saistu,
Yaktosna kaula,
Lain bangsa jin kula téh,
Istu kula bangsa putra kamanusan. |
| 20. | Na kumaha agus matak naros kitu,
// karana pun kakang, (58) |