Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/110

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
111
 

Rengat-renget tampi raos,
Tina nembé sareng agus téh patepang.

21.

énggal putra jin mendo jeung tungkul,
Kuring sayaktosna,
Numawi naros kitu téh,
Sukur pisan ajengan putra manusa.

22.

Ari abdi bangsa jin tempat jeung jauh,
Lembur ti Jabal Kupah,
Nu mawi kuring dingkap téh,
Hayang sirna nguruskeun iyeu warisan.

23.

Jisim kuring weléh teu acan katimu,
Sanini gaduh titinggal,
Panah kaos tilu éndong,
Kuring panah ari kaos milik saha.

24.

Tah sakitu kuring nu matak bingung,
Ari dulur dua,
Sim kuring teu ngeunah kénéh,
Hayang adil kumaha pileresna.

25.

Jisim kuring mendak senjata pitulung,
Saraya (?) hukuman,
Mugi-mugi ajengan téh,
Aya manah kersa diteda kamandang (?).

26.

Radén Ahmad ngawalon barina imut,
Insya Alloh pisan,
Amung kaula pataros,
Iyeu jimat éndong kaos sarta panah.

27.

Karamatna ku sampeyan kudu sebut,
Supaya kaula,
Puguh netepkeun milikna,
Raos kakang iyeu tilu jimat.

28.

Tacan puguh iyeu milik anu tilu,