Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/111

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
112
 

Mangga mun geus terang,
Karamat anu tilu téh,
Tangtu dinya anu bakal nampa jimat.

29.

Ku putra jin sakabéh jimat nu tilu,
Ari maunatna,
Saupama iyeu éndong,
Sapamundut naon baé kayakinan.

30.

Ari kaos karamatna bias mabur,
Ngambah wadiya gantang,
Ari karamat panah téh,
Mun dilepas jadi moal susah nyandak.

31.

Digupayan nyampeurkeun enggeus tangtu,
Dén Ahmad ngandika,
Regepkeun omong kaula téh,
Ngahukuman ngadilkeun iyeu hukuman.

32.

Endong kaos panah diyeukeun kumpul,
Kaula nyekelan,
Gancangna geus pasrah kabéh,
Carék Ahmad regepkeun omong kaula.

33.

Iyeu panah baris dileupaskeun luhur,
// di mana geus tiba,
Geura buru ku maranéh,
Saha-saha anu heula nyokot panah.

34.

Enya éta anu boga milik tangtu,
Boga duwa jimat,
Ka kuping ku duwa jin téh,
Suka imut ngareunah kana manahna.

35.

Sagancangna jamparing enggeus dicabut,
Ahmad mentang panah,
Siyer jamparing geus ngulon,
Radén Ahmad nganggo kaos nepak kasang.