36. |
Geus teng nyusul jin duwa Ahmad,
Ngapung ngawang-ngawang,
Panah digupay ku Radén,
Malik deui panah nyampeurkeun ka Ahmad.
|
37. |
Topa dicandak Dén Ahmad belesur,
Ka madya gantang,
Basa madya satengahe,
Basa gantang sami ka luhur ka handap.
|
|
38. |
Teu katinggal ku nu ti handap nu mabur,
Ahmad tampa musna,
Caturkeun jin duwa téh,
Barang rék top panah musna bet ngejat.
XVIII. Sinom
|
1. |
Hookeun éta jin duwa,
Barang rék nyokot jamparing,
Panah ngejat deui mulang,
Ka nu mentangkeun jamparing,
Sarta ku Ahmad kacangking,
Serta Ahmad bari matur,
Kabéh ejin duwa ningali,
Duh cilaka urang adi,
Kabéh jimat lapur dipaling ku Ahmad.
|
2. |
Teu nyana pelik pangindra,
Tegesna leuwih binangkit,
Mangkaning akal manusa,
Leres ceuk adina deui,
Rakana seug nyaur deui,
Jeung kumaha adi atuh,
Ari geus kitu petana,
Seug matur adina deui,
|