Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/113

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
114
 

Dikumaha da geus lain milik urang.

3.

Milik anu ngahukuman,
Urang balik deui adi,
Sumangga carék adina,
Sarua sukur teuing,
Balikna kapimilik,
Munafék saumur-umur,
Gancang éta jin duwa,
Geus pada miyos marulih,
Ngan sakilat geus aya di Jabal Kupah.

4.

Sigeg éta jin nu duwa,
Kocap Radén Ahmad deui,
Sanggeus jin pada mulang,
Anjeunna téh gasik-gasik,
Ngabujeng ka putra Mesir,
Siti Bagdad nu diburu,
Geus sumping kana kaputren,
Kulinting ka pipir bumi,
Waktuna téh // jam harieum raray.   (60)

5.

Kocap deui Siti Bagdad,
Keur di jero puri,
Dideuheusan para Emban,
Damelna téh éta putri,
Keur ngupat Ahmad Raspati,
Ngupatna putri dicatur,
Hé Nyi Emban kari terang,
Enya Ahmad anu tadi,
Bani bogoh mah lain kami hanteu hayang.

6.

Jeung kasépna leuwih nenggang,
Di urang mah moal manggih,
Ngan aya baé hanjakal,