Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
115
 

Ari dék ditarik kawin,
Éra ku para Bupati,
Serta saur para ratu,
Sakur kahayang ka kula,
Dipilih nyiar nu leuwih,
Kocéplak mah meunang anak Nyai Randa.

7.

Jadi mantu tukang kembang,
Éra temen diri kami,
Mana ayeuna mah diri Ahmad,
Sukur-sukur ogé mati,
Kami keur pikir satadi,
Nu kasép ngan Sultan Ratu,
Bet kari-kari ayeuna bet,
Aya deui nu ngandih,
Kacekna téh bayuhyuh salira Sultan.

8.

Ari éta Kai Ahmad,
Keur kasép lenjang jalantir,
Mana hayang gok nyiuman,
Mana sukur ogé mati,
Sugan moal datang deui,
Matak ngabrangbrangkeun kalbu,
Jeung deui waktuna mulang,
Ka mana jalanna tadi,
Saur Emban sumuhun ka bongborotan.

9.

Nyaur deui Siti Bagdad,
Ah geus tangtu deui mati,
Mun kanyahoan ku randa,
Baréto gé kitu balik,
Nyi Emban matur ka putri,
Lalamunan kaulanun,
Kumaha lamun Ki Ahmad,