Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
116
 

Mun sumping ka dieu deui,
Pikir saé gamparan arék kumaha.

10.

Nyaur deui Siti Bagdad,
Saupama datang deui,
Diduduh baé digjaya,
Teu kapalang lanang jati,
Keur kitu saurna putri,
Dén Ahmad geus jol ti payun,
Barang rét putri ningali,
Kagét barina ngalahir,
Radén Ahmad dicalikeun kana goyang.

11.

Nyi Emban kagét manahna,
Aya nu seuri nu risi,
Mana risi ras ku ngupat,
Kaseuriyanana gaib,
Panggaibna waktu sumping,
Teu karana jol ti payun,
Ngan geus béh baé katingggal,
Nyi putri // mando ngalahir,     (61)
Engkang Ahmad haturan kuring haturan.

12.

Kumaha Embi téh damang,
Sareng lenggah Engkang deui,
Radén Ahmad matur mangga,
Berkah pangdua Neng putri,
Sinarengan Engkang Nyai,
Ka Enéng gaduh piunjuk,
Bongan Enéng anu haat,
Miwelas ka jisim kuring,
Jisim kuring raraosan ku pasihan.

13.

Anu mawi diri Engkang,
Ngadeuheus ka Enéng putri,