Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
117
 

Deuk nyuhunkeun barang teda,
Siti Bagdad suka nguping,
Insya Alloh sukur teuing,
Atoh pisan ku pamundut,
Naon baé sakapalay,
Sipat asak mah sayogi,
Namung Engkang mundut lauk anu atah.

14.

Tangtu kuring rada susah,
Mesem deui Radén Ahmad nguping,
Nun sumuhun leres pisan,
Menggah éta mah sim kuring,
Hanteu wantun pisan kuring,
Larangan batara guru,
Cilimit larangan Dewa,
Kitu carék saupama,
Éta kitu carék dalang mandalungan.

15.

énggal deui Siti Bagdad,
Masang katuwangan gasik,
Sawaruh para inuman,
Sirop lawan téh manis,
Inuman geus warni-warni,
Ganti téh mah lawan anggur,
Lumurna anggeus ngajajar,
Lumur bodas héjo kuning,
Geus sayagi énggal Nyi putri mayunan.

16.

Mangga Engkang geura tuwang,
Jisim abdi seja ngiring,
Dén Ahmad ngandika,
Jeung tangan anu ti keri,
Nepak éndong nyaur leutik,
Éndong aing jaluk tulung,