Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
123
 

Taya panginten nampikna,
Teu wantu nyacad ka putri.

15.

Kitu sotéh nya piunjuk,
Eukeur dina saupami,
Nya putri pangseg narosna,
Sayaktosna ka sim kuring,
Engkang téh singbilang terang,
Bogoh hanteuna ka kuring.


16.

Muga Engkang ulah palsu,
Ditaros Engkang nu yakin,
Mungga (sic!) masing terang,
Radén Ahmad seug ngalahir,
Pun Engkang téh wanton sumpah,
Lamun teu bogoh ka Nyai.

17.

Ari bogoh sakalangkung,
Ngan isin ménak jeung kuring,
Malah pikir palajuko (?),
Kitu silang kana abdi,
Pala asem juta uyah,
Lir asem jeung uyah sami.

18.

Nu pangsét jeung asem surup,
Sarua ari nya pikir,
Nyi putri deui ngandika,
Cing ayeuna jisim kuring,
Dék nyieun panaseng gesan (?),
Mun yaktos bogoh ka kuring.

19.

Sanajan rahasiah kitu,
Teu dipénta tangtu bijil,
Mun ditaros ku nu suka,
Saruwa ngalembang sari,