Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
124
 

Cing kuring naros rasiah,
Tadi basa Engkang sumping.

20.

Ti mana marga nya cunduk,
Bet geus di jero kaputrin (sic!),
Radén Ahmad seug ngandika,
Sapurwa Engkang nya sumping,
Lawang tujuh teu diambah,
Ka luhur Engkang nya margi.


21.

Anu matak siya kabur,
Engkang gaduh jimat ejin,
Hiji kaos dua kasang,
Siti Bagdad misem (sic!) nguping,
Hayang teuing sasarengan,
Nyaho digandawiati.


22.

Saumur dumelah hirup,
Kumaha rasaning ati,
Nu ngambah wadiya gantang,
Sim kuring manawi kenging,
Haying nyarengan ka engkang,
Saurna Ahmad sawawi (?).

23.

Gancang anu dicatur,
Den Ahmad nganteur ka Putri,
Endong téh seug disoréndang,
Ari kaos sok ka putri,
Dianggo ku Siti Bagdad,
Seug lungsur Rahadén Putri.

24.

Waktu harita keur subuh,
Geus pada kaluar putri,
Caang // bulan ping duwa belas,   (65)