Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/124

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
125
 

Radén nepakan kakandi,
Jé (?) endong ngambah jagat,
Menta mabur kaya paksi.

25.

Teu lami Ahmad dimakbul,
Biyur kaluhureun bumi,
Raos asa boga jang-jang,
Raden Ahmad seug ningali,
Ka handap ka Siti Bagdad,
Digupay ti luhur bumi.

26.

Siti Bagdad sakalangkung,
Rap kaos enggeus tarapti,
Barang ka tangan kiwa,
Rét deui ka tangan keri,
Raos asa boga jang-jang,
Kikiplik baé nya putri.

27.

Ti dinya belesur ka luhur,
Kok (?) tepang geus pada luhur,
Rumaos jadi galudra,
Sarta mikir hanteu risi,
Karamat kaos jeung kasang,
Radén putri seug ngalahir.

28.

Ka Rahadén Ahmad nyaur,
Mangga kang geura pelesir,
Ngaréndéng pacantél tangan,
Nu kasép jeung pada lugina,
Geus tebih ti jer puri.

29.

Barang rét ka handap tungkul,
Jauh sidik katingali,
Pulow-pulow katingalan,
Matak kelar nu ningal,
Raos asa na impiyan,