Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
126
 

Barang rét kabéh ningali.

30.

Kocap aya hiji pulo lucu,
Nya éta pulo Manjeti,
Radén putrid seug ngandika,
Mangga lungsur kang Raspati,
Itu kana pulo éndah,
Siga aya sobat kuring.

31.

Dén Ahmad teu panjang nyaur,
Diturut baé ku putri,
Tiya (sic!) seug lungsur ka handap,
Nya éta ka pulo Manjeti,
Kocap geus dongkap ka dinya,
Meneran ka jero puri.

32.

Rahadén geus pada lungsur,
Ka jero Kadaton puri,
Harita keur jumaah,
Kadaton kalangkung resmi,
Palataran ku ngareunah,
Kasmaran putri ningali.

XX. Asmarandana

1.

Kocapkeun ratu Manjeti,
Ratu ngaratuan di dinya,
Raja putri langkung kahot,
Kakasihna Dewi Soja,
Raja putri biantara,
Raja putri langkung punjul,
Putra Nabi Sulaiman.

2.

Anu jadi papatih jin,
Sadat Putu Sadat Putra,
Jeung nu jadi Panghulu jin,
Tambak Yuda Umar Maya,