Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
127
 

Sadérék Umir Hamyah,
Mangsa harita keur suwung,
// sakabéhna pada saat.   (66)

3.

Keur pada ngiring ratu jin,
Jumaah ka Jabal Kupah,
Numawi suwung sakabéh,
Nu aya di Jabal Kupah,
Kuraesin Nyi Asmaya,
Sakitu ratu kacatur,
Kocap deui Radén Ahmad.

4.

Sareng Siti Bagdad putri,
Pelesir ka padaleman,
Radén Ahmad seug marios,
Naha Enéng Siti Bagdad,
Kapan aya téh nagara,
Reujeung kalangenan lucu,
Namung teu aya jalmana.

5.

Namung Siti Bagdad putri,
Sumuhun iyeu ka mana,
Kang rai langkung helok,
Naha iyeu padaleman,
Nu sakiyeu sayagana,
Kuring héran liwat langkung,
Naha ka mana jalmana.

6.

Ayeuna iyeu nagari,
Jadi geus teu didayeuhan,
Disebutkeun ari kolot,
Da iyeu sayagi pisan,
Ngan sugan nagara wakap,
Pangbubusan ratu kabur,
Cing coba urang abusan.