Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
128
 
7.

Barang sup ka jero puri,
Biasa di padaleman,
Radén hanteu weléh kagét,
Béh Maligey panglinggihan,
Gék calik Dén Siti Bagdad,
Jeung nyandak bantal alus,
Golépak kulem nangkarak.

8.

Raksukan lugay saeutik,
Pinareup témbong katingal,
Jeung bitis putri katémbong,
Jiga humut jambé mayang,
Putri satengah ngahaja,
Radén Ahmad anggeus ratug,
Manah mani tutunggulan.


9.

Diimutan ku Dén putri,
Beuki wuwuh Radén Ahmad,
Manahna geus luwak-léwok,
Digoden Siti Bagdad,
Mah hanteu kuwat istigfar,
Saking ku bedasna napsu,
Ngarontok ka Siti Bagdad.

10.

Digaley Rahadén putri,
Digalemoh diciuman,
Amung saperkawis baé,
Pageuhan ngajaga sahwat,
Pitulung hanteu ngagoda,
Bakating ku asak ilmu,
Dasar tedaking Pandika.

11.

Dén Ahmad ku Dén putri,
Tuluy baé dipépénta,