Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
131
 
20.

Mending-mending diri aing,
Papada aing dicidra,
Tiyap di Mesir karaton,
Paéh aya nu manggihan,
Bibi randa nyeungceurikan,
Ayeuna diri téh jauh,
Carék sisindiran temah.

21.

Liyeuk leuweung liyeuk giri,
Jauh ka sintung kalapa,
Liyeuk deungeun liyeuk ka diri téh,
Jauh ka indung // ka bapa, (68)
Kawuwuhan Radén Ahmad,
Ras ka sadérék imut,
Geus beuki mangpaung manah.

22.

Cai mulang cai malik,
Cai ngocor ka astana,
Kuma pulang nya balik téh,
Ngumbara kiyeu rasana,
Hanteu terang lebahna,
Pendekna manah ngangluh,
Kawuwuhan manah iglas (sic!).

22.

Lebih mati diri aing,
Jeung dulur deui teu tepang,
Ti dinya Radén téh miyos,
Mendak linggis jeung bedogna,
Parabot ejin di dinya,
Dicandak ku Radén tuluy,
Kaluwareun padaleman.

22.

Béh mendakan tangkal kai,
Ngarumpuyuk alus pisan,
Dahanna nglér jeung ngulon,