|
Pék Radén nyieun ruwangan,
Ngadekul ngali ruwangan,
Jerona geus duwa siku,
Rahadén manahna iklas.
|
25. |
Papada aing téh mati,
Jadi hanteu panasaran,
Ari geus ngaruang manéh,
Ti dinya Radén seug sila,
Di jero éta ruwangan,
Ngaruwang anjeun geus putus,
Kitu semet beuheungna.
|
26. |
Kantun mastakana kari,
Gular-giler socana,
Kaluhur socana nyantong,
Kocap saluhureun Ahmad,
Aya kayu ngalwahan,
Dieunteupan duwa manuk,
Ngaran manuk Surabaya.
|
27. |
Rupana manuk téh putih,
Geus matuh eunteupna,
Beurang peuting tara gened (?),
Saumur-umur di dinya,
Tara ingkah barilahan,
Sanajan hiberna jauh,
Ari balik mah ka dinya.
|
28. |
Tapi ngan sajodo pasti,
Awéwé jeung salakina,
Mangsa harita éta téh,
Manuk awéwéna nanya,
Naha aki ari urang,
Kawas euweuh deui kayu,
|