|
Keur baris eunteup-eunteupan.
|
| 29. |
Matuh baé urang cicing,
Teu (sic!) baheula tara ingkah,
Hanteu cara manuk séjén,
Tara matuh cara urang,
Manuk lalakina jawab,
Na bet nini nanya kitu,
Kawas manéh hanteu terang.
|
|
| 30. |
Seug nini ngalahir deui,
Atuh puguh teu nyaho mah,
Na atuh aki urang téh,
Numawi matuh nya nyembah,
Seug aki deui ngajawab,
Ulah bedas teuing nyaur,
Bisi kadéngé manusa.
|
| 31. |
Carék nini moal aki,
Sumawona bangsa manusa,
Kapan sahinggu (?) ejin gé,
Samangsa dawuh ayeuna,
Keur pada suwung sadaya,
Seug aki deui ngawangsul,
// geus nini nanyana.(69)
|
| 32. |
Anu matak cicing,
Jadi urang piwarangan,
Nya éta ka Gusti urang téh,
Kanjeng Nabi Sulaiman,
Tunggu kayu iyeu urang,
Ari iyeu téh kayu,
Ngaran kayu kastubaya.
|
| 33. |
|