|
Ieu hanteu kinten pisan,
Ngan bodo ejin sakabéh,
Boro mah nu jadi raja,
Putra Nabi Sulaiman,
Tatapi euweuh nu weruh,
Ka iyeu kai kastuba.
|
34. |
Markuna (sic!) sadaya kai,
Asal kai ti sawarga,
Euweuh pisan anu nyaho,
Ieu téh kai asalna,
Nu mawana anu miara,
Ieu anu dahan ngidul,
Mun dituwar tangtu pisan.
|
35. |
Jadi kuda samparani,
Bisa ngambah wadiya gantang,
Ari dahan nu leutik téh,
Mun ditilas tangtu pisan,
Jadi pecut ngaran pun kilat,
Upama dipaké mabuk,
Gunung reg (?) sagara saat.
|
36. |
Kulitna éta geus pasti,
Jadi sebrok jadi sela,
Jeung deui éta kuda téh,
Geus boga ngaran sorangan,
Ngaran pun kastubaya,
Kaduwa pun méga mendung,
Tonjok sépak bewangkara.
|
37. |
Jadi kuda parajurit,
Téh kitu nini asalna,
Ari ceuk among nini téh,
Kutan téh kitu asalna,
|