Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/135

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
136
 
1.

Geus ngambah wadiya gantang,
Radén Ahmad suka langkung suka galih,
Reujeung tambah suka kalbu,
Sok tunda Rahadén Ahmad,
Ganti deui raja anu kapicatur,
Nyaritakeun Dewi Soja,
Raja putri ing Manjeti.

2.

Geus sumping ti Jabal Kupah,
Pulih (sic!) Jumaah diiring ku para jin,
Balad jin mangrébu-rébu,
Geus raing nu maca du'a,
Nu dibaca naktu dinur jeung kulatu,
Sawaréh maca solawat,
Maca tasbéh reujeung dikir.

3.

Kacaturkeun Dewi Soja,
Barang sumping ka karaton kagét galih,
Kalanggenan ruksak lebur,
Pot wadah patingjaropak,
Kekembangan paburantak amburadul,
Sup deui ka jero puri,
Téh bantal jeung guguling,

4.

Pabuaran paburantak,
Dina ranjang kawas diacak busik,
Beu manah Raja Ayu,
Na iyeu saha jalma,
Anu wani ngarukasak jero kadatun,
Jeung deui bet aya sobrah,
Mangle kembang katingali.

5.

Tambah pusing raja putra,
Kawas aya jalma anu mawa istri,
Ngadon jinah di Kadaton,