Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
137
 

Ratu Ayu Dewi Soja,
Nyaur patih duwa patih enggeus jebul,
Sadat Putu Sadat Putra,
Geus marek ka raja putri.

6.

Dewi Soja seug ngandika,
Coba patih ku maranéh taringali,
Urut naon iyeu busuk,
Kami téh béyak teu suka,
Radén patih maca dikir bari tungkul,
Raos abdi aya lacak,
Nu ngadon ngalambang sari.

7.

Sarta kalangenan ruksak,
Sareng iyeu deui tapak sidik,
Ngaruksak luwar kadatun,
Dewi Soja seug ngandika,
Geuwat patih téyangan kudu katimu,
Iyeu jalma nu ngaruksak,
Manusa atawa ejin.

8.

Patih kudu baé beunang,
Sakabéh jin paréntah kudu arindit,
Helos patih Sadat Putra,
Sakabéh jin disaur sakabéh kumpul,
Sadat Putra seug nimbalan,
Hé sakabéh para ejin.

9.

// coba taksir iyeu rukasak,   (71)
Kalangena sarawuh kadaton putrid,
Bet aya nu ngabusuk,
Téyangan tangkep jalmana,
Kudu beunang tangkep sarta tuluy bunuh,
Iyeu jalma kurang ajar,
Kawas nu geus bosen hirup.