10. |
Sakabéh jin pada mangkat,
Teng baliyur ngulon ngétan nerus bumi,
Sawaréh anu kaluhur,
Kitu deui Sadat Putra,
Geus teng angkat jeung raina Sadat Putu,
Teu lami deui waktuna,
Nu kaluwar sakabéh jin.
|
11. |
Geus kapendak Radén Ahmad,
Ku para jin nyéta digandawiati,
Geus pada dikepung mangul,
Kepung bakul buaya mangap,
Radén Ahmad ningali jin mangrébu-rébu,
Nu matak ka jin awas,
Karamatna samparani.
|
12. |
Radén Ahmad pada nanya,
Ku para jin anu tumpak Semparani,
Aku ngaran meungpeung hirup,
Bangsa jin atawa manusa,
Wani ngaruksak kana kalangenan ratu,
Jeung urang mana sampéyan,
Reujeung naha wani-wani.
|
13. |
Bet ngaruksak kalangenan,
Reujeung deui wani asup ka puri,
Naon sabab coba aku,
Dén Ahmad seug ngandika,
Ngaran kula Radén Ahmad Putra Jemur,
Imah kula di nagri Sam,
Keur sasab ka Manjeti.
|
14. |
Jeung kula bangsa manusa,
Reujeung deui terang pisan diri kami,
Anu asup ka kadatun,
|