Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
139
 

Jeung ngaruksak kalangenan,
Anu matak ngaruksak kalangenan ratu,
Kudu merudah (?) teu tahan,
Jeung nu matak asup kami.

15.

Sugan téh aya nagara,
Hanteu aya jalma atawa jin,
Bongan euweuh anu nunggu,
Kawas nu kurang dirgama,
Mun enya mah iyeu ratu naha kitu,
Pendakna ayeuna urang,
Ménta timbang para jin.

16.

Kasalahan wiréh sabab,
Para ejin ngajawab jeung wani,
Ayeuna manéh geus tangtu,
Kami moal aya timbang,
Hukum kami tiyap geus ngaruksak tangtu,
Adilna dibales ruksak,
Manéh mowal bias nyingkir.

17.

Dék ngejat-ngejat ka mana,
Ténjo iyeu batur kami para jin,
Manéh geus dikepung bakul,
Radén Ahmad seug ngandika,
Insya Alloh manéh taya timbang // sakitu, (72)
Mémang kami ngan sorangan,
Lilah dunya tegang pati.

18.

Paéh hanteu panasaran,
Hukum kami ayeuna ngahukum musrik,
Sanajan dosa sakitu,
Perdu (sic!) ogé ditimbang,
Ari manéh taya timbangan sakitu,
Ka kami taya timbangan,