Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/139

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
140
 

Kami wani ngalawan jin.

19.

Reujeung kami hanteu sabar,
Geura tangkep sore wani isuk wani,
Rob kabéh para jin rabul,
Kuduna geus pada néwak,
Enggeus rétém Dén Ahmad ras kana pecut,
Para jin dibabuk mulang,
Murubut jin jeung teu éling.


20.

Kitu deui éta kuda,
Nyépak najong digebegkeun para ejin,
Ku Ahmad dituyung pecut,
Para jin murubut murag,
Parandena taya aleutan nu nubruk,
Lir nyiruwan anu nyanyang,
Rob ti pungkureun ti gigir.

21.

Radén Ahmad rangkung (sic!) marah,
Sakabéh jin dibabuk deui cameti,
Enggeus murubut ti pungkur,
Anu dipenjara hujan,
Para ejin geus teu tahan kana pecut,
Kabéh ejin kapidara,
Tingjarungkel kana bumi.

22.

Kapendak ku Sadat Putra,
Pada kagét ningali murubut perjurit,
Sadat Putu téya rusuh,
Cing geuwatkeun béjakeun,
Naon iyeu para ejin mana rebut,
Para ejin pada jawab,
Sakur jin nu geus tarangi.

23.

Wah juragan abdi tiwas,