Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/140

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
141
 

Batur abdi kapidara henteu éling,
Batur sarébu katempuh,
Paingan wani ngaruksak,
Kalangenan jeung kadaton dibubuk-bubuk,
Manusa néyangan lawan,
Ayeuna parantos bukti.

24.

Jalmana anu ngaruksak,
Ngaran Ahmad eukeur tumpak semparani,
Para jin rubuh dipecut,
Taya nu munggapulia,
Ayeuna gé eukeur tatandang di luhur,
Talkudira sondara,
Keur meujeuhna pasang diri.

25.

Kagét patih Sadat Putra,
Seug nimbalan geuwat pasang pakarang jin,
Pedang tumbak parbot panah,
Bungbeng jin sagep pakarang,
Geus sadiya para jin,
Sakabéh kumpul dikerid ku Sadat Putra,
Geus barang deui balad jin.

26.

Pakarang jin tinggurilap,
……………enggeus tepang deui rob deui,
Dikepung bakul,
Dikepul bakul buaya mangap,
Tinggurilap pakarang jin,
…………… // Ahmad ningalan,     (73)
Hanteu mundur masih wani.

XXII. Durma

1.

Radén Ahmad ngaraos gimir manahna,
Ningali pakarang ejin,
Tinggurilap matak sérab,