Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
142
 

Parandena enggeus iklas,
Jeung deui iyeu nagari,
Teu nyana pisan,
Sugih bala perjurit.

2.

Enya éta aing téh nangtukeun yuswa,
Sarta tangtukeun perjurit,
Saupama aing menang,
Iyeu téh dina peperang,
Sarta mun éléh perjurit, diri percaya,
Milih bakal bareng jurit.

3.

Eukeur kitu enggeus rob ti tangan kiwa,
Teu (sic!) payun ti pengker deui,
Enggeus pacorok baraja,
Ngadukeun pucuk curiga,
Tingkuciwek kana keri (sic!),
Batara kala,
Ngetek ludira sondari.

4.

Radén Ahmad seug narik pecut pun kilat,
Jegér dipecut para jin,
Sumawona nu katinggal,
Hingga nu katurelengan,
Perjurit sakabéh jin,
Jeung pakarangna,
Parotong taya nu mahi.

5.

Jol ti gigir dipecut dibabuk mulang,
Ti pengker disépak semparani,
Jol ti luhur pék dihontal,
Nu jol ti handap ditinggang,
Geus murubut balad jin,
Tanpa wilangan,
Cara hujan murubut jin.