Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/142

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
143
 
6.

Kapidara rébu-rébu balad jin teu kilat,
Sakabéh jin pada gigis,
Kagét patih Sadat Putra,
Énggal nyaur ka rayi,
Duh cilaka urang adi,
Balad teu kiyat,
Geus murubut balad jin.

7.

Coba rayi urang buru baé kudana,
Gancang Sadat Putra patih,
Enggeus sabet kawas kilat,
Jebét dikitik Dén Ahmad,
Ku cameti beusi patih,
Rahadén Ahmad,
Geuwat nyuuh henteu éling.

8.

Kastubaya kuda semparani,
Digibrigkeun nyora tarik,
Ngadéngék ngabijilkeun petak,
Ras éling Rahadén Ahmad,
Geuwat sakilat dicangking,
Dén Sadat Putra,
Enggeus seyot nyata deui.

9.

Radén Ahmad taki-taki awas…………,
Barang jebét Sadat Putra jati,
Nenggel deui ka Dén Ahmad,
Ditakis ku Radén Ahmad,
Bubuk……………………………,
Babar pisan,
Sadat Putra muru deui.

10.

Ngan sakilat ngoloyong ti luhur rag-rag,
// Sadat Putu dating deui,       (74)
Jetot numbak ka Dén Ahmad,