Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
144
 

Dén Ahmad tangeh teu ngejat,
Cameti kilat ditarik,
Ku Radén Ahmad,
Sadat Putu seug digitik,

11.

Ngan sakilat ngoloyong ka handap tiba,
Barang gebut kana bumi,
Sadat Putu kapidara ras,
Éling deui teu lila,
Barang ngarérét ka gigir,
Dén Sadat Putra,
Ku Sadat Putu kapanggih.

12.

Barang dék bek Sadat Putra dék melesat,
Ku Sadat Putu dipahing,
Barina dipegat,
Adi mangké heulaanan,
Poma ulah maju deui,
Sanajan kakang,
Lain kawon masih wani,

13.

Coba itu batur urang ripuh pisan,
Pada cacad ku cameti,
Saumur kakara,
Dibalas ku musuh napas,
Leres cek rayi jin,
Cing atuh urang,
Kumaha ayeuna urang rayi.

14.

Ceuk rayina leuwih hadé urang unjukan,
Kari-kari Maha raja Putri,
Kocapkeun iyeu carita,
Duwa patih geus teng iyang,
Ngadeuheusan ka raja putrid,
Sang Dewi Soja,