Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
145
 

Geus ningal duwa papatih.

15.

Geuwat manéh cek aceuk kumaha nanya,
Gék calik duwa papatih,
Gancang patih unjukan,
Sim abdi unjuk uninga,
Perkawis éta nu julig,
Ngaruksak kembang,
Ku abdi enggeus kapanggih.


16.

Sanés ejin buktina bangsa manusa,
Kapendak ku jisim abdi,
Eukeur ngajar hiji kuda,
Di luhur madya gantang,
Tumpak kuda semparani,
Amung teu kiyat,
Ditangkep ku jisim abdi.

17.

Batan kiyat anggur para jin ruksak,
Hanteu kuwat ku cameti,
Samalah sim abdi pisan,
Milu nangkep hanteu kiyat,
Sampe neunggeul kuda cameti,
Matih pecutna,
Sampe méh satengah mati.

18.

Barang éling sim abdi asa pasiksak,
Éta téh jisim abdi,
Sadaya-sadaya unjukan,
Wiréhing abdi teu kiyat,
Sakabéh nyanggakeun diri,
Réhing teu kiyat,
Beuheung téh peuncit ku Gusti.

19.

Dewi Soja midéngé (sic!) patih seug marah,