Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
146
 

Hé ayeuna manéh patih,
Enggeus hanteu kiyat perang,
Bubuhan aceuk rajana,
Tamiyang meulit ka bitis,
Bubuhanana,
Bener si aceuk téh istri.

20.

Tatapina // tiningal ngejat ti medan,
Lebih anggur tegang pati,
Bari dangdan Dewi Soja,
Nyungkelang pedang nyandak panah,
Jeung nyandak cameti rukmin,
Rawuh senjat,
Ngaranna panah dadali.

21.

kitu deuyi Dén putrid nyandak duriyas,
Duriyas héjo jeung kuning,
Jeung rupa dibudeur rarayna,
Ningali sawenang-wenang,
Supaya ulah katawis,
Raray kularan,
Barangna enggeus tarapti,

22.

Biyur mabur ngabujeng madya gantang,
Diiring ku duwa patih,
Kalepasan Dewi Soja,
Kaliwat Rahadén Ahmad,
Barang rét ka Sang Raja Putri,
Ningal ka handap,
Anu tumpak semparani.

23.

Dewi Soja melesat deui ka handap,
Kek tepang jeung Ahmad deui,
Rahadén Ahmad mariksa,
Barang rét Ahmad umingal,