Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/147

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
148
 
28.

Barang tiba Dewi Soja kana lemah,
Janggélék geus tangi deui,
Ras imut kana senjata,
Geus biyur panah dilepas,
Teu lami panah dadali,
Ku Dén Ahmad,
Kaleresan éta jamparing.

29.

Barang jatoh sukuna dampal ti tukang,
Kastubaya hanteu éling,
Ngeleper rag-rag ka handap,
Cara langlayangan ngedap,
Barang gebut kana bumi,
Kagesit Dén Ahmad,
Ningal kuda hanteu // éling.       (76)

30.

Barang éling éta kuda leungit musna,
Leungit tina medan jurit,
Kagét manah Radén Ahmad,
Keueung katilar ku kuda,
Parandena ningal ejin,
Nya masih awas,
Karamat éta cameti.

31.

Dewi Soja geus jol ti payun Dén Ahmad,
Jeung candak cameti rukmin,
Katingal ku Dén Ahmad,
Dén Ahmad ngulung pun kilat,
Jebét putri ing Manjeti,
Keleper tiba,
Rampuyuk Nyi Putri éling.

XXIII. Magatru

1.

Radén Ahmad susumbar barina mundur,
Geura hudang raja ejin,