Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/148

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
149
 

Geura kami geura tempo,
Tambah tumaninah,
Perang luwareun karaton.

2.

Dewi Soja ngajanggélék deui geus lulun (?),
Cameti rukmin ditarik,
Jebét Dén Ahmad dibabuk,
Kaleresan kana kuping,
Jéngkél Dén Ahmad ramohpoy.


3.

Jumarigjeug hanteu éling muwih lanjung,
Dewi Soja seug ngalahir,
Sumbang ipayah pamuk (?),
Montong muwih siya iblis,
Hayo maju ari jago.

4.

Radén Ahmad janggélék deui nangtung,
Hayo jamak lalaki,
Dewi Soja mindo mecut,
Jegér Dén Ahmad digitik,
Gebut deui ngajolopong.

5.

Balad ejin bujal (sic!) nanggap anu pupuh,
Pagelek-gelek ningali,
Sili séréd pada batur,
Sami hayang ningal jurit,
Balad ejin tingkaleprok.

6.

Radén Ahmad éling deui geus nangtung,
Barina pinter ngagitik,
Jegér Nyi putri dibabuk,
Jengker Dén putri teu éling,
Nyaurna Dén Ahmad hayo.

7.

Dewi Soja ras éling deui seug mecut,
Ahmad teng deui teu éling,